Jawaban:
Dongeng nyaeta karya sastra atawa carita rekaan dina wangun lancaran atawa anu sok disebut prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng teh kaasupna kana prosa buhun. Conto karya sastra prosa buhun lianna nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto karya sastra prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.
Ciri anu paling khas tina dongeng nyaeta caritana anu pamohalan atawa teu asup kana akal atawa loba bohongna, saperti aya sasatoan atawa tutuwuhan anu bisa nyarita. Tapi kusabab carita dongeng mah sok pamohalan, dongeng teh sok dipikaresep pisan ku barudak. Kusabab sok dipikaresep ku barudak, dina carita dongeng sok dieusian ku ajen atikan anu bisa dijadikeun picontoeun atawa pieunteungeun barudak.
[answer.2.content]